Puji jeung sukur kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Allah teh ku bawaning mikawelas geus midamel urang jadi manusa anu anyar dina hirup anu anyar, anu geus boga hiji pangharepan anu moal pareum-pareum, ku jalan Mantenna ngahirupkeun deui Yesus Kristus tina pupus-Na. Nya ku sabab kitu urang teh meunang ngarep-ngarep kana saniskara berkah anu geus disayagikeun ku Allah pikeun umat-Na anu disimpenna di sawarga, anu moal keuna ku ruksak, moal bobo, moal ngurangan pangajina.