Logo YouVersion
BibPlan yoVideyo
Pran aplikasyon an
Seleksyone Lang
Chache Icon

Vèsè popilè nan Bib la ki soti nan DANIEL 6

1

DANIEL 6:10

KITAB SUCI

LAISUN

Daniel uningaeun yen aya parentah kitu tur enggeus sah. Anjeunna mulih ka bumina, terus lebet ka kamar di loteng, anu jandela-jandelana nyanghareup ka Yerusalem. Brek anjeunna sujud mayun kana jandela-jandela anu maruka, neneda ka Allah, sakumaha sasari sok tilu kali dina sapoe-sapoena.

Konpare

Eksplore DANIEL 6:10

2

DANIEL 6:22

KITAB SUCI

LAISUN

Allah parantos ngutus malaikat-Na ngabekem sungut-sungut singa dugi ka teu tiasa kua-kieu ka abdi Gusti. Mantenna kersa maparin pitulung, wireh uningaeun yen abdi teu gaduh dosa, sareng ka Gusti ge henteu gaduh kaluluputan, nun Kangjeng Raja.”

Konpare

Eksplore DANIEL 6:22

3

DANIEL 6:26-27

KITAB SUCI

LAISUN

Kami marentahkeun, sangkan di sakuliah karajaan kami, unggal jelema kudu neundeun kasieun jeung ngahormat ka Allahna Daniel! Anjeunna teh Allah anu jumeneng, tur baris kawasa salalanggengna. Karajaana-Na moal beunang ditumpur. Kakawasaana-Na hamo aya sudana. Anjeunna kawasa nulung jeung ngajait. mintonkeun kaajaiban jeung kaahengan di sawarga jeung di bumi. Anjeunna geus ngaluputkeun Daniel ti singa-singa.”

Konpare

Eksplore DANIEL 6:26-27

4

DANIEL 6:16

KITAB SUCI

LAISUN

Tungtungna raja nimbalan supaya Daniel ditangkep, terus digebruskeun kana guha singa. Ari anjeunna ngalahir ka Daniel, ”Mugi-mugi anjeun sing disalametkeun ku Allah, anu ku anjeun disembah kalawan satuhu.”

Konpare

Eksplore DANIEL 6:16

Chapit Avan yo
Chapit suivan
YouVersion

Ankouraje ak defi pou w chèche entimite ak Bondye chak jou.

Ministè

Apwopo

Karyè yo

Volontè

Blòg

Peze

Lyen itil yo

Ed

Fè yon don

Vèsyon Bib yo

Odyo Bib yo

Diferan Lang yo nan Bib la

Vèsè Jodi a


Yon Ministè Digital nan

Life.Church
Kreyòl Ayisyen

©2026 Life.Church / YouVersion

Politik PriveTèm yo
Pwogram Divilgasyon Vilnerabilite
FacebookTwitterInstagramYouTubePinterest