DANIEL 6:26-27
DANIEL 6:26-27 LAISUN
Kami marentahkeun, sangkan di sakuliah karajaan kami, unggal jelema kudu neundeun kasieun jeung ngahormat ka Allahna Daniel! Anjeunna teh Allah anu jumeneng, tur baris kawasa salalanggengna. Karajaana-Na moal beunang ditumpur. Kakawasaana-Na hamo aya sudana. Anjeunna kawasa nulung jeung ngajait. mintonkeun kaajaiban jeung kaahengan di sawarga jeung di bumi. Anjeunna geus ngaluputkeun Daniel ti singa-singa.”

