1
MATEUS 19:26
KITAB SUCI
LAISUN
Yesus neuteup ka maranehna, geus kitu saur-Na, ”Mustahil soteh ceuk manusa, keur Allah mah teu aya nu mustahil.”
对照
探索 MATEUS 19:26
2
MATEUS 19:6
Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”
探索 MATEUS 19:6
3
MATEUS 19:4-5
Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ
探索 MATEUS 19:4-5
4
MATEUS 19:14
Saur Yesus ka murid-murid, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.”
探索 MATEUS 19:14
5
MATEUS 19:30
Tapi nu ayeuna ti hareula, loba nu bakal jadi pandeuri. Anu ayeuna pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula.”
探索 MATEUS 19:30
6
MATEUS 19:29
Jeung sing saha anu iklas najan kudu pisah ti imah, ti dulur lalaki, ti dulur awewe, atawa ti bapa, ti indung, ti anak, atawa ninggalkeun rajakaya lantaran leuwih beurat ka Kami, ganjaranana bakal saratus kalieun jeung diganjar hirup langgeng.
探索 MATEUS 19:29
7
MATEUS 19:21
Waler-Na, ”Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa.”
探索 MATEUS 19:21
8
MATEUS 19:17
Waler-Na, ”Ku naon nanyakeun mana nu hade? Nu hade mah ngan Hiji. Ari hayang bisa meunangkeun hirup mah lampahkeun bae parentah-parentah Allah.”
探索 MATEUS 19:17
9
MATEUS 19:24
Sakali deui, ceuk Kami kacida hesena jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga, leuwih hese ti batan onta moncor kana liang jarum.”
探索 MATEUS 19:24
10
MATEUS 19:9
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”
探索 MATEUS 19:9
11
MATEUS 19:23
Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Memang kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga teh.
探索 MATEUS 19:23
主页
圣经
计划
视频