1
MATEUS 18:20
KITAB SUCI
LAISUN
Sabab di mana bae dua atawa tilu jelema kumpul mawa jenengan Kami, Kami bakal aya di dinya.”
对照
探索 MATEUS 18:20
2
MATEUS 18:19
Jeung iraha bae lamun maraneh di dunya mangnedakeun hiji perkara ku duaan, tangtu ku Rama Kami di sawarga dimakbul.
探索 MATEUS 18:19
3
MATEUS 18:2-3
Yesus nyandak hiji budak leutik ditangtungkeun payuneuna-Na. Ti dinya saur-Na, ”Sing percaya ka Kami, maraneh moal bisa jadi warga Karajaan Sawarga lamun henteu robah kalakuan jeung jadi saperti ieu budak leutik.
探索 MATEUS 18:2-3
4
MATEUS 18:4
Nu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, nya eta anu daek ngahandapkeun maneh, jeung boga hate saperti hate budak leutik.
探索 MATEUS 18:4
5
MATEUS 18:5
Sing saha anu ngaku ka budak leutik pantar kieu ku karana ngingetkeun ka Kami, eta sarua jeung ngaku ka Kami.”
探索 MATEUS 18:5
6
MATEUS 18:18
Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.
探索 MATEUS 18:18
7
MATEUS 18:35
Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”
探索 MATEUS 18:35
8
MATEUS 18:6
”Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan anu gede, terus alungkeun ka jero laut.
探索 MATEUS 18:6
9
MATEUS 18:12
Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir.
探索 MATEUS 18:12
主页
圣经
计划
视频