Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman Enoh. Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.