MATEUS 25

25
Misil sapuluh mojang
1”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya sapuluh mojang arindit marawa lampu, rek mapagkeun panganten lalaki. 2Nu lima barodo, nu lima deui caringcing. 3Anu barodo ngan marawa lampu bae wungkul, henteu marawa minyak keur nambahanana. 4Sabalikna anu caricing mah minyak keur nambahanana oge marawa. 5Panganten datangna elat, nepi ka mojang-mojang teh tarunduheun tuluy kasarean.
6Sanggeus tengah peuting aya anu ceceluk, ʼPanganten datang! Papagkeun!ʼ 7Mojang-mojang tingkorejat tuluy pakepuk maruru lampuna. 8Ceuk nu barodo ka nu caringcing, ʼBagi minyakna saeutik, lampu kuring rek pareum.ʼ 9Ceuk nu caringcing, ʼTeu bisa! Moal mahi dipake ku duaan mah. Meuli we ka warung!ʼ 10Nu barodo arindit mareuli heula minyak. Sabot kitu panganten datang manten, tuluy diiring ku mojang-mojang anu caringcing ka tempat pesta, panto tempat pesta tuluy dikonci.
11Sanggeus rada lila mojang-mojang barodo teh daratang ka dinya gegeroan, ʼJuragan! Ieu abdi widian lebet!ʼ 12Ku panganten lalaki dijawab, ʼTeu, kami teu wawuh ka maraneh!ʼ ”
13Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu sing taki-taki, sabab maraneh teu nyaho iraha piwaktueunana.”
Misil tilu bujang
(Luk. 19:11-27)
14”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya hiji jelema rek indit nyaba, nyalukan bujang-bujangna rek nitipkeun duitna. 15Ari nitipkeunana kumaha kasanggupan bujang-bujangna bae. Ka nu saurang nitipkeunana lima rebu uang emas, ka nu saurang deui dua rebu, jeung ka nu saurang deui sarebu. Geus kitu indit nyaba. 16Bujang anu dititipan lima rebu buru-buru ngagolangkeun duitna, meunang untung lima rebu deui. 17Anu dititipan dua rebu oge duitna digolangkeun, meunang untung dua rebu deui. 18Ari anu dititipan sarebu anggur ngali lombang, duit dununganana teh dipendem.
19Lila ti lila dununganana balik, tuluy balitungan. 20Bujang anu dititipan lima rebu datang mawa duit titipan jeung batina lima rebu. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos lima rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu lima rebu deui batina.ʼ 21Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ
22Bujang anu dititipan dua rebu datang. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos dua rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu dua rebu deui batina.ʼ 23Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ
24Bujang anu dititipan sarebu datang. ʼJuragan,ʼ carekna, ʼabdi terang Juragan teh jalmi keras. Juragan ngala buah sanes di tempat pelak ku anjeun, ngala panen sanes di tempat kenging tebar ku anjeun. 25Ku margi sieun, artos Juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Ieu artosna.ʼ
26ʼJalma goreng hate, jeung pangedulan!ʼ ceuk dununganana. ʼJadi nyaho maneh yen kami ngala buah lain di tempat pelak kami, ngala panen lain di tempat beunang kami tebar? 27Benerna ari nyaho kitu, duit kami teh pelak di bang, sangkan ari kami datang eta duit geus anakan. 28Cokot duit kami ti ieu jelema, bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh rebu. 29Sabab anu geus beubeunangan ku kami rek ditambahan sina leuwih loba, leuwih ti cukup. Sabalikna anu henteu beubeunangan, dalah nu aya di manehna kajeun kacida saeutikna ku kami rek dicokot. 30Ieu bujang tanpa guna teh jongklokkeun ka ditu ka tempat nu poek, sina gegerungan tibeberegeg!ʼ ”
Pangadilan dina Poe Kiamat
31”Dina waktu sumping-Na engke, Putra Manusa teh geus jadi Raja, diiring ku sakabeh malaikat-Na, seug nyalikan tahta-Na anu mulya. 32Jelema-jelema saalam dunya bakal dijagragkeun ka payuneuna-Na. Anjeunna bakal misah-misahkeun maranehna jadi dua bagian, saperti pangangon misah-misahkeun domba ti embe. 33Nu balener sina kumpul di tengeneuna-Na, sesana di kiwaeuna-Na. 34Raja bakal ngalahir kieu ka nu di tengeneuna-Na, ʼKa darieu aranjeun, anu diberkahan ku Rama Kami. Geura arasup ka Karajaan anu geus disadiakeun pikeun aranjeun, ti barang dunya gumelar. 35Bareto waktu Kami lapar ku aranjeun dibere dahar, waktu halabhab dibere nginum, waktu keur jadi semah asing diaku dianjrekkeun, 36waktu keur sataranjang dibere pakean, waktu keur gering dipulasara, waktu keur dipanjara dilongokan.ʼ 37Jawab nu balener, ʼGusti, waktos Gusti lapar teh iraha abdi-abdi ngahaturanan tuang, atanapi waktos Gusti hanaang iraha abdi-abdi ngahaturanan ngaleueut? 38Waktos Gusti jadi semah asing, iraha abdi-abdi nganjrekkeun? 39Waktos Gusti teu diraksukan iraha abdi-abdi ngahaturanan raksukan? Waktos Gusti teu damang, waktos Gusti dipanjara, iraha abdi-abdi mulasara, iraha abdi-abdi ngalayad?ʼ 40Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ
41Ari ka nu di beulah kenca kieu lahir-Na, ʼGeura nyaringkah ti Kami, eh maraneh anu disapa ku Allah! Geura les arasup ka jero seuneu langgeng anu geus disadiakeun pikeun Iblis jeung para malaikatna! 42Keur Kami lapar maraneh teu mere dahar, keur Kami halabhab maraneh teu mere nginum, 43keur Kami jadi semah asing maraneh teu nganjrekkeun, keur Kami teu boga baju-baju acan maraneh teu mere, keur Kami gering maraneh teu ngurusanan, keur Kami dipanjara maraneh teu mirosea!ʼ
44Maranehna bakal ngajarawab kieu, ʼGusti! Iraha abdi-abdi ningal Gusti lapar, hanaang, jadi semah asing, teu kagungan raksukan, teu damang, dipanjara, lajeng abdi-abdi teu nulungan?ʼ 45Waler Raja, ʼKieu mun harayang nyaho: Samangsa-mangsa maraneh embung nulung ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, sarua jeung embung nulung ka Kami.ʼ ” 46”Eta jelema-jelema anu karitu bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan langgeng,” saur Yesus. ”Ari anu balener, anu ngalakonan pangersa Allah, bakal hirup bagja tur langgeng.”

目前选定:

MATEUS 25: LAISUN

高亮显示

分享

复制

None

想要在所有设备上保存你的高亮显示吗? 注册或登录