MATEUS 20

20
Misil nu karuli di kebon anggur
1”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna. 2Sanggeus mupakat yen buruh saurangna sapoe sauang perak sakumaha ilaharna, tuluy dititah mimiti digarawe. 3Pukul salapan neangan deui ka pasar, nawaran gawe ka nu keur ngalanggur, 4ʼMending digarawe di kebon anggur kuring, buruhna pantes.ʼ 5Nu ditawaran daraekeun. Pukul dua welas jeung pukul tilu neangan deui kuli. 6Sanggeus meh pukul lima neangan deui ka pasar. Seug nanya ka nu keur tingjaranteng, ʼKu naon ngalanggur bae sapoe jeput, ngalelebar waktu?ʼ 7Walonna, ʼTeu aya nu ngulikeun.ʼ Tuluy ditawaran, ʼJung digarawe di kebon anggur kuring.ʼ
8Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ʼKumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.ʼ 9Seug anu digarawena mimiti pukul lima sore dibayar ti heula, saurang sauang perak. 10Barang anu pangisukna rek dibayar, panyangkana rek dibayar leuwih, ari heug sarua saurang sauang perak. 11Bari nampanan duit maranehna gegelendeng, pokna, 12ʼEta nu daratangna pandeuri digarawena ngan sajam, ari dibayarna bet sarua jeung kuring anu digarawe sapoe jeput bari papanasan!ʼ
13Jawabna ka nu saurang, ʼDulur! Aranjeun geus mupakat buruh saurangna sapoe sauang perak. Kuring henteu jalir. 14Tarima eta duit teh, jung baralik. Hanas ieu anu pangpandeurina ku kuring dibayar sarua jeung aranjeun, eta mah kumaha kuring. 15Na teu meunang kuring make duit sorangan sakahayang? Atawa aranjeun sirik nenjo kuring bageur?ʼ ”
16Saur Yesus deui, ”Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina.”
Katilu kalina Yesus nyarioskeun hal pipupuseuna-Na
(Mar. 10:32-34; Luk. 18:31-34)
17Di tengah jalan ka Yerusalem Yesus nyaur murid-murid dicandak nyisi, tuluy Anjeunna nyarios bari angkat, 18”Darengekeun,” saur-Na, ”urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung guru-guru ahli hukum agama Yahudi, bakal diterapan hukum pati. 19Tuluy diserenkeun ka bangsa batur. Ku eta bakal dipoyok, dirangket, tuluy disalib. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal dihirupkeun deui.”
Panuhun ibuna Yakobus jeung Yohanes
(Mar. 10:35-45)
20Sabot kitu, bojona Sebedeus ngaharempoy ka payuneun Anjeunna jeung anakna duaan, murid Anjeunna, ngunjukkeun panuhun.
21”Rek menta naon?” Yesus mariksa.
Jawab eta awewe, ”Upami Bapa engke parantos jumeneng Raja, ieu pun anak duaan mugi ditempatkeun di kiwaeun sareng tengeneun Bapa.”
22Saur Yesus ka eta dua murid, ”Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum eusi lumur anu rek diinum ku Kami, nya eta panganiayaan?”
”Sanggem,” jawabna.
23”Memang maraneh ge bakal nginum eusi lumur Kami,” waler Yesus. ”Tapi Kami henteu wenang nangtukeun saha nu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Tempat eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami.”
24Murid nu sapuluh urang deui ngadarenge pamenta kitu teh kacida arambekeunana ka eta dua sadulur. 25Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh. 26Maraneh mah ulah kitu. Malah lamun hayang jadi nu punjul kudu ngawula ka nu sejen, 27lamun hayang jadi nomer hiji kudu daek ngawula ka nu rea. 28Kudu sakumaha Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet.”
Yesus nyageurkeun anu lolong
(Mar. 10:46-52; Luk. 18:35-43)
29Yesus jeung murid-murid kaluar ti Yeriho, loba pisan anu naluturkeun. 30Di sisi jalan aya nu lolong duaan keur dariuk. Barang ngadarengeeun Yesus ngalangkung, tuluy tinggarero, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
31Ku nu sejen disentak sina repeh, tapi ngagerona kalah ka beuki tarik, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
32Yesus liren heula tuluy mariksa, ”Aya naon nyalukan Bapa?”
33”Hayang tiasa ningal, Juragan!” tembalna.
34Yesus welaseun, seug panon maranehna diusap, bray bae bareunta barisa nenjo, tuluy ngiring ka Anjeunna.

目前选定:

MATEUS 20: LAISUN

高亮显示

分享

复制

None

想要在所有设备上保存你的高亮显示吗? 注册或登录