1
MATEUS 7:7
KITAB SUCI
LAISUN
”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.
对照
探索 MATEUS 7:7
2
MATEUS 7:8
Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.
探索 MATEUS 7:8
3
MATEUS 7:24
”Jadi, anu ngabandungan ieu piwulang Kami jeung terus ngalampahkeunana, eta ibarat jelema pinter anu nyieun imah dina luhur batu.
探索 MATEUS 7:24
4
MATEUS 7:12
Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.”
探索 MATEUS 7:12
5
MATEUS 7:14
Sabalikna lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik.”
探索 MATEUS 7:14
6
MATEUS 7:13
”Kudu milih asup kana lawang nu sempit. Sabab lawang anu rubak mah brasna ka naraka, jalan ka dinya gampang, nu matak loba anu ka darinya.
探索 MATEUS 7:13
7
MATEUS 7:11
Sakumaha jahatna maraneh, ka anak mah tangtu merelukeun mere anu mangpaʼat. Komo deui Rama maraneh nu di sawarga, moal teu maparin nu mangpaʼat ka nu nyuhunkeun ka Mantenna!
探索 MATEUS 7:11
8
MATEUS 7:1-2
”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah. Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.
探索 MATEUS 7:1-2
9
MATEUS 7:26
Sabalikna anu ngadenge ieu piwulang tapi henteu ngalampahkeun, eta ibarat jelema teu boga pikiran nu ngadegkeun imah dina luhur keusik.
探索 MATEUS 7:26
10
MATEUS 7:3-4
Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep? Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ʼCing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ padahal dina panon sorangan aya balok?
探索 MATEUS 7:3-4
11
MATEUS 7:15-16
”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag. Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.
探索 MATEUS 7:15-16
12
MATEUS 7:17
Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.
探索 MATEUS 7:17
13
MATEUS 7:18
Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.
探索 MATEUS 7:18
14
MATEUS 7:19
Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.
探索 MATEUS 7:19
主页
圣经
计划
视频