AMOS 1:1-2
AMOS 1:1-2 LAISUN
Ieu kasauran Amos, pangangon domba ti kota Tekoa. Dua taun samemeh aya kajadian lini, waktu Usia ngarajaan nagri Yuda jeung Yarobam putra Yoas ngarajaan nagri Israil, Allah ka Amos ngawahyukeun hal-hal ngeunaan Israil. Saur Amos, ”PANGERAN ngagaur ti Gunung sion, gentrana ngageleger ti Yerusalem. Sampalan-sampalan gararing, Gunung Karmel jukutna perang.”

