1
HOSEA 14:9
KITAB SUCI
LAISUN
Muga sakur nu bijaksana paham ka nu ditulis di dieu sarta nyimpen hal eta dina hatena. Jalan ti PANGERAN kabeh bener, sarta jalma nu bener lampahna naluturkeun eta jalan. Sabalikna nu daroraka bakal titarajong sarta lalabuh lantaran teu daek make eta jalan.
Konpare
Eksplore HOSEA 14:9
2
HOSEA 14:2
Geura tarobat ka PANGERAN, sarta ieu paneda ku maraneh unjukkeun ka Mantenna, ”Mugi hapunten samudaya kalepatan abdi sadaya, sareng ieu paneda mugi ditampi. Abdi-abdi sumeja muji ka Gusti, sakumaha jangji abdi-abdi kapungkur.
Eksplore HOSEA 14:2
3
HOSEA 14:4
PANGERAN ngandika, ”Kami rek nyokot umat Kami sina baralik, baris dipikaasih saiklas-iklasna, amarah Kami ka maranehna geus leler.
Eksplore HOSEA 14:4