MATEUS 5
LAISUN

MATEUS 5

5
Hutbah di gunung
1Ningali rea nu ngiring Yesus naek ka gunung. Sanggeus calik jeung diriung ku murid-murid, 2tuluy ngawulang:
Hal kabagjaan nu sajati
(Luk. 6:20-23)
3”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul;
Karajaan Sawarga teh eukeurna!
4Bagja jelema anu sedih prihatin,
ku Allah bakal dililipur!
5Bagja jelema nu rendah hate,
bakal narima sagala anu dijangjikeun ku Allah!
6Bagja jelema anu kacida hayangna kana ngalampahkeun pangersa-pangersa Allah,
ku Allah bakal disugemakeun!
7Bagja jelema nu karunyaan,
ku Allah bakal dipikawelas!
8Bagja jelema anu hatena mulus beresih,
sabab bakal wawuh ka Allah!
9Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan,
ku Allah bakal diangken putra!
10Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah,
Karajaan Sawarga teh eukeurna!
11Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami. 12Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”
Hal uyah jeung caang
(Mar. 9:50; Luk. 14:34-35)
13”Maraneh di dunya teh minangka uyah. Tapi lamun uyah leungit asinna, pamohalan bisa diasinkeun deui, geus taya gunana, iwal ti dipiceun, katincakan ku jelema.
14Maraneh di dunya teh minangka caang. Kota anu ngadeg di luhur pasir moal bisa dibunian. 15Moal aya anu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina, sangkan nyaangan ka sakur nu di imah. 16Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.”
Hal Hukum Musa
17”Ulah nyangka yen Kami datang teh rek ngeuweuhkeun Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Pang Kami datang teh malah rek ngalaksanakeun eta, jeung rek nuduhkeun hartina nu saenyana. 18Inget, sapanjang aya keneh langit jeung bumi, moal aya babagian tina eta Hukum anu dieuweuhkeun, najan anu pangleutikna atawa ngan satitik, nepi ka sakabeh tujuanana laksana. 19Ku hal eta, anu ngarempak salah sahiji parentahna najan anu teu pira, sarta ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi anu panglaipna. Sabalikna, anu ngalaksanakeun parentahna tur ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi warga penting. 20Anu matak Kami ngabejaan, lamun hayang jadi warga Karajaan Sawarga kudu satia kana pangersa Allah leuwih ti batan guru-guru agama atawa urang Parisi.”
Hal ambek
(Luk. 12:57-59)
21”Maraneh geus ngadenge yen jalma-jalma baheula meunang timbalan kieu: ʼUlah maehan. Anu maehan kudu dihukum.ʼ 22Ayeuna ceuk Kami, anu ngambek ka batur kudu dihukum. Nyarekan nyebut ʼSi Belegugʼ kudu dibawa ka Majelis Agama. Nyarekan nyebut ʼSi Burungʼ manjing siksa seuneu naraka. 23Ku sabab kitu, lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh, 24tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.
25Lamun maraneh aya anu merkarakeun ka pangadilan, satungtung bisa keneh mah menta dibeberes di luar pangadilan bae. Sabab ari geus ka pangadilan mah diputusna ku hakim, dikapulisikeun, dipanjara. 26Jeung pasti moal kaluar-luar satungtung can lunas hutang salahna.”
Hal ngaranyed
27”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼUlah ngaranyed.ʼ 28Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed. 29Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka. 30Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.”
Hal nyerahkeun
(Mat. 19:9; Mar. 10:11-12; Luk. 16:18)
31”Aya deui kieu: ʼAnu nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak.ʼ 32Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”
Hal sumpah
33”Maraneh geus ngadenge oge yen jalma-jalma baheula ditimbalan kieu: ʼUlah mungkir jangji. Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.ʼ 34Ayeuna ceuk Kami, ari jangji ulah make sumpah. Ulah sumpah nyebut demi langit, sabab langit teh tahta Allah. 35Ulah sumpah nyebut demi bumi, sabab bumi teh jojodog sampeana-Na. Ulah sumpah demi Yerusalem sabab eta teh hiji kota Raja Agung. 36Jeung ulah sumpah demi sirah maneh, sabab maraneh teu bisa ngabodaskeun atawa ngahideungkeun buukna salambar-lambar acan. 37Sebutkeun bae ʼEnyaʼ atawa ʼHenteuʼ. Leuwih ti kitu mah asalna ti Iblis.”
Hal ngabales
(Luk. 6:29-30)
38”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ 39Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge. 40Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna. 41Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer. 42Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.”
Ka musuh ge kudu nyaah
(Luk. 6:27-28, 32-36)
43”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ 44Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun, 45supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas. 46Ari nyaah ngan ka nu mikanyaah bae mah atuh lampah maraneh teh naon anu pantes dibales ku Pangeran? Nyaah ka nu nyaaheun mah tukang mulung pajeg oge osok. 47Daek someah ka babaturan wungkul mah naon luar biasana? Nu teu nyarahoeun ka Allah ge semet kitu mah geus biasa. 48Maraneh mah kudu sing sampurna, sakumaha Rama maraneh nu di sawarga sampurna.”