YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 121

121
Pangeran panyalindungan urang
1Lagu paranti jarah.
Kaula mencrong gunung-gunung;
ti mana baris datangna pitulung kaula?
2Pitulung ka kaula datangna ti Pangeran,
nu ngadamel langit jeung bumi.
3Mantenna moal ngantep anjeun tiguling,
panyalindungan anjeun salawasna nyaring.
4Panyalindungan Israil
leleyepan ge tara, sumawonna kulem.
5 Pangeran ngaraksa ka maneh,
salawasna aya di gigireun, nangtayungan.
6Maneh ti beurang moal nepi ka kumaha onam ku panonpoe,
atawa ku bulan lamun ti peuting.
7Ku Pangeran tangtu ditangtayungan tina picilakaeun,
maneh aman dijaga.
8Dina datang dina indit maneh ditangtayungan ku Mantenna,
ayeuna jeung salalawasna.

Currently Selected:

JABUR 121: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in